ELMU KACIDA PENTINGNA
EL MU KACIDA PENTINGNA Pentingna urang wajib neangan elmu karena ku elmu urang bisa wawuh ka Alloh, ku elmu urang bisa apal saha Rasululloh, ku elmu urang bisa faham kana Al Quran jeung Hadits Nabi, ku elmu urang bisa ngabedakeun mana anu wajib mana anu harom, mana anu halal mansa nu haram,mana anu Haq mana anu Batil, uarang jadi apal kumaha cara nyembah Alloh, ku maha cara solat anu bener ,kabehannana oge bisa di kanyahokeun wungkul ku elmu. العِلْمُ إِمَامُ العَمَلِ وَالعَمَلُ تَابِعُهُ “ Ari elmu teh imam amal perbuatan sedengkeun amal perbuatan eta teh ma’munna” Jadi lamun urang teu boga elmu engke amal urang moal boga imam, lamun urang teu boga elmu engke amal urang moal aya anu nungtun, lamun urang teu boga elmu engkle amal urang jadi kosong jeung hampa. Maka pantes Nabi urang ngawajibkeun keur nungtut elmu manteuna nganyatakeun طَلَبُ الْعِلْمِ فَرِيضَةٌ عَلَ كُلِّ مُسْلِمٍ “ Jadi nungtut elmu eta...