ELMU KACIDA PENTINGNA
ELMU KACIDA PENTINGNA
Pentingna urang wajib neangan elmu karena ku elmu urang bisa wawuh
ka Alloh, ku elmu urang bisa apal saha Rasululloh, ku elmu urang bisa faham
kana Al Quran jeung Hadits Nabi, ku elmu urang bisa ngabedakeun mana anu wajib
mana anu harom, mana anu halal mansa nu haram,mana anu Haq mana anu Batil,
uarang jadi apal kumaha cara nyembah Alloh, ku maha cara solat anu bener
,kabehannana oge bisa di kanyahokeun wungkul ku elmu.
العِلْمُ إِمَامُ العَمَلِ وَالعَمَلُ تَابِعُهُ
“ Ari elmu teh imam amal perbuatan sedengkeun amal perbuatan eta
teh ma’munna”
Jadi lamun urang teu boga elmu engke amal urang moal boga imam,
lamun urang teu boga elmu engke amal urang moal aya anu nungtun, lamun urang
teu boga elmu engkle amal urang jadi kosong jeung hampa.
Maka pantes Nabi urang ngawajibkeun keur nungtut elmu manteuna
nganyatakeun
طَلَبُ الْعِلْمِ فَرِيضَةٌ عَلَ كُلِّ مُسْلِمٍ
“ Jadi nungtut elmu eta faridoh hiji hal anu wajib ka setiap
muslim” HR. Ibnu Majah no. 224, dari Anas bin Malik
Lamun elmu henteu penting rosul moal ngawajibkeun,lamun elmu ata
peranna henteu gede dina kahirupan saurang muslim Nabi moal ngawajibkeun, naha
elmu di wajibkeun ? karena elmu ngabogaan pungsi jeung peran anu gede pisan
keur nungtun amal urang ngarah amal urang henteu ngalanggar peraturan syareat
islam jeung aya dina jalan anu bener.
Jeung nungtut elmu henteu aya batesan umur Nabi ngadawuh dina hadis
anu sejen kola nabiyunna muhammadun SAW dimana mantena nyarios keun dalam Kitab
Kasyf adz-Dzunun karya Musthofa bin Abdullah (1/52)
اطْلُبُوْا الْعِلْمَ مِنَ الْمَهْدِ إِلَى
اللَّحْدِ
“ Kudu nungtut aranjeun kana elmu
timimiti ayunan tepika liang lahat”.
Jadi henteu aya
kata telat dina nungtut elmu bahkan urang diajar tina sejarah bahela Sahabat
Nabi anu sepuh seperti Saidina Abu Bakar Sidiq, Saidina Umar Bin Khataob Ra,
marantena di ajar agama islam sanges umur 40th, marantena teh saumur jeung
Nabi, Saidina Abu Bakar teh babaturan Nabi ti keur letik kurang lewih umurna
ampir sarua Nabi di angkat jadi Rosul umur 40 tahun di umur 40 th, Saidina Abu
Bakar asup islam berarti Saidina Abu Bakar wawuh kana islam dina umur 40 th, di
umur 40 th karek di ajar islam,karek diajar saha ari Alloh, saha Rosul, naon
ari al quran, kumaha cara solat, kumaha cara puasa, umur opat puluh karek di
ajar tapi eta teu ngahalangan mantena tampil jadi sahabat anu mulia sahabat anu
alim jeung sahabat anu nguasai islam kalawan hade.
Jadi didieu
simkuring ngemutan lamun Saidina Abu Bakar di ajar dina umur 40 th sedengkeun
urang di ajar islam ti keur letik hartina urang boga kasempatan anu lewih gede
urang era laba waktu lega tapi pengetahuan islam urang teu sakumaha
Di caritakeun
kisah saidina abu bakar keur nunjukeun teu aya kata terlambat keur nungtut elmu
lamun anu umur 40 tahun nungtut elmu jadi jalma gede pengetahun luas tentang
islam jadi umat Nabi anu pang alusna,
ULAH BOSEN ULAH PUTUS ASA DINA NUNGTUT ELMU
Jeung nungtut elmu henteu misti di Pesantren nya lamun nungtut elmu di jaman
ayena di pesantren lewih alus
kurikulumna ter atur jadwalna teratur tapi tong boga anggapan bahwa Pesantren eta hiji
hijina tempat keur nungtut ilmu urang bisa nungtutut elmu di masjid-masjid di
langgar2 anu ngayakeun majlis
majlis ta’lim jeung riungan-riungan.
Memang belajar teh berat, lain enteng. Aya saurang mujahid pejung
islam manehna pernah berjihad di jalan Alloh 30 th lilana, sangges 30th
berjihad balik kalemburna manehna mimiti diuk di mjlis ulama di ajar elmu .
tuluy kumaha anu di omongkeun ku eta jalma “ wa llohi abdi diuk di ajar elmu
sajam lewih berat tibatan jihad 30th”
Padahal jihad 30 tahun lain herey eta ngorbankeun nyawa ngocorkeun
getih awak pinuh ku luka unggal poe ngajaga serangan musuh, unggal poe nangtang
maot pagawean anu berat pisan ninggalkeun keluarga
Kukituna di ajar teh memang berat tapi lamun urang tekun urang
hentu putus asa urang iklaskeun niat ingssa Alloh panto elmu Alloh bukakeun.

Komentar
Posting Komentar