AMANAT MULIA KUDU BOGA ELMU

 




AMANAT KUDU BOGA ELMU

 

Amant  Rasulullah Saw  ;

 

قَالَ النَّبِيُّ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ كُنْ عَالِمًا أَوْ مُتَعَلِّمًا أَوْ مُسْتَمِعًا أَوْ مُحِبًّا وَلَا تَكُنْ خَامِسًا فَتَهْلِكَ

 

Kudu jadi aranjeun kabeh,  jadi jalma anu boga elmu, sebage jalma alim, sebagae Ulama, ieu amanat Nabi jadi salila urang sadayana bisa ngusahakeun berjuang jadi ulama jadi Ulama, ieu amanat anu pertama.

 

Lamun teu bisa jadi Ulama أَوْ مُتَعَلِّمًا atawa sahanteuna jadi santri anu nungtut elmu.

 

Ingeut lamun hiji jalma hayang jadi ulama berarti ka hareupna eta jalma bakal jadi pemimpin Umat, eta jalma bakal jadi pemimpin santrina, eta jalma bakal jadi pemimpin Muridna, eta jalma bakal jadi pemimpin jama’ahna, eta jalma bakal jadi pemimpin masarakatna.

 

Kukituna simkuring ngemutan naon anu pernah di dugikeun ku Saidina Umar Bin Khatabd dimana manteuna pernah nyarios :

 

تَفَقَّهُوا قَبْلَ أَنْ تُسَوَّدُوا

 

تَفَقَّهُوا  kudu diarajar fiqih aranjeun kabeh, diajar tentang kana hukum Islam قَبْلَ أَنْ تُسَوَّدُوا samemeh aranjeun kabeh diangkat ku Umat jadi Pamingpin, samemeh disepuhkeun, samemeh jadi Guru Masarakat, samemeh dijadikeun rujukan, jadi tempat naranyana Umat, tempat menta fatwa Umat, panutanna Umat. Maka تَفَقَّهُوا kudu singjero diajar elmu fiqih, elmu tentang hukum Islam. Ieu amanat ti Saidina Umar Bin Khatab.

 

Tuluya Al Imam Nawawi رضى الله عنه عن جميع السلف nerangkeun tentang maksud tina ucapan Saidina Umar eta, sakumaha di jelaskeun ku Guru urang sadaya anu dipika cinta nyaeta Abuya Al Habib Zain Bin Ibrahim Bin Sumaith dina kitabna anu judulna Al-Manhaj As-Sawiy Ushul Thariqah as-Sadah  hal 136 Al Ba’alwi didieu diterangkeun ku Al Imam An Nawawi :

 

معناه اجتهدوا في كمال اهليتكم وانتم اتباع قبل أن تصيروا سادة فإنكم إذاصرتم سادة متبوعين امتنعتم من التعلم لارتفاع منزلتكم وكثرة أشغالكم

 

اجتهدوا في كمال اهليتكم kudu ngusahakeun anjeun, kudu berjeung anjeun pikeun diajar boga elmu ku sagala ka ahlian anjeun, jadi ulah kagok ari diajar, masa keur diajarmah geus welah peres pikiran urang sadaya, waktu urang sadaya be’akeun keur diajar.naha ?  وانتم اتباع meungpeung anjeun masih keneh jadi jalma anu nuturkeun قبل أن تصيروا سادة  saencan anjeun jadi pamingpin. Naha ? فإنكم إذاصرتم سادة متبوعين karena lamun aranjeun engke dimasa depan anjeun kabeh jadi pamingpin anu di tuturkeun امتنعتم من التعلم anjeun bakal kahalangan tina diajar. Naha ? لارتفاع منزلتكم karena ka dudukan anjeun kabeh geus luhur وكثرة أشغالكم jeung kasibukan anjeun kabeh geus loba pisan.

 

Sabab lamu anjeun geus jadi pamingpin unggal poe tamu moal eureun iraha urang rek maca Kitab, unggal poe tamu mawa rupa-rupa masalah, anu nanya ieu nanya itu, menta bantuan ieu menta bantuan itu, iraha urang sadayana rek ngaji ? iraha urang rek diajar ? geus eweuh kasempetan.

Urang rek diajar Umat menta diajarkeun ku urang, hanteu menang ditolak ngajarkeun Umat. Ahirna urang sibuk ngajar kaditu kadieu, dawah kaditu dawah kadieu, sambut tamu didieu samput tamu diditu, dimana anjeun hadir jalma ngariungan anjeun pikeun nanyakeun sehingga anjeun kabeh geus eweuh ka sempatan keur diajar. Lain anjeun kabeh embung diajar,lain ! tapi memang waktu anjeun geus disita ku anu naluturkeun.

 

Ieu amanat Saidina Umar luar biasa :

 

تَفَقَّهُوا قَبْلَ أَنْ تُسَوَّدُوا

 

Kudu diajar aranjeun hukum fiqih, diajar sing ngarti eta Al Quran jeung As Sunnah, kudu di ajar eta hukum-hukum fiqih, hukum-hukum Islam, kudu diajar samemeh aranjeun disepuhkeun ku Umat.

 

Karena karena anjeun lamun geus disepuhkeun Umat repot, Umat rek urusan naon oge nanyana ka Kiyai, ieu amanat Saidina Umar anu luar biasa,

Kasauran Al Habib Zain Bin Ibrahim Bin Sumaith :

 

وهذا معنى قول الإمام الشافعى رضي الله عنه : تفقه قبل أن ترأس, فإذا رأست فلا سبيل الى التفقه

وهذا معنى قول الإمام الشافعى رضي الله عن tah ieu eta  harti atawa ma’na ata maksud tina cariosan Imam Syafi’i, dimana Imam Syafi’i ra pernah nyarioskeun تفقه قبل أن ترأس kudu diajar aranjeun tentang fiqih tentang hukum, pinterkeun diri قبل أن ترأس samemeh aranjeun mimpin, samemeh mimpin diahar sing bener, lain mimpin heula tapi diajar heula anu bener kakara engke mimpin فإذا رأست lamun aranjeun geus jadi pamimpin فلا سبيل الى التفقه aranjeun moal aya jalan pikeun ngajeroan ngelmu, geus beurat, sabab lamun urang sadaya rek fokus ngajeroan elmu akhirna kunaon ? ahirna urang kudu ngabatalkeun heula sakabeh urusan urang sadaya jeung umat rek ngajar didieu teu jadi rek da’wah didieu teu jadi, Umat rek panggih teu jadi, jalama rek namu bakal ditolak. Karena urang rek sibuk diajar padahal Umat geus ngajadikeun urang sepuh maranehna, anu mana urang hanteu menang nolak maranehna.

 

Karena eta pikeun para pamuda, khususna pikeun para Santri meungpeung masih diajar, meungpeung jadi keneh ‘Athba’ beakeun eta waktu wungkul pikeun diajar. Ingeut!! Masa depan aranjeun lamun jadi Ustad, jadi Guru komo deui jadi Ulama gede kahareupna maka otomatis Umat bakal ngabutuhkeun aranjeun, Umat bakal daratang ngabring ka anjeun, waktu anjeun bakal disita ku maranehna. Teupika urang boga pamajikan bakal cemburu karena waktu urang kurang keur istri waktu urang dibikeun ka Umat. Dawah kaditu kadieu kadang-kadang saminggu teu balik. Bakal harese manggih waktu lowong.

 

Makana Para Pamuda, para Santri mungpung masih keneh diajar gunakeun waktu pikeun neangan elmu, sakumaha kasauran saidina Ali d  wakaramallahu Wajhah. Sababaraha kali mere beja ka para Pamuda :

 

ان حياة الفتى والله بالعلم والتقى * اذالم يكونا لاعتباراً لحياته يامعشر الشباب

 

يامعشر الشباب Wahai Para Pamuda   ان حياة الفتى والله بالعلم والتقى   Saenyana kahirupan hiji Pemuda eta demi Allah بالعلم والتقى  kudu di eusian ku elmu jeung ku takwa   اذالم يكون lamun dua perkara ieu hanteu aya dina diri saurang pemuda, saurang pemuda hanteu ngabogaan elmu jeung takwa  لاعتباراً لحياته hanteu aya guna teu aya harti eta jalma boga kahirupan, jadi saurang pemuda lamun kahirupanna hayang berarti, hayang guna jeung mangfa’at jeung hanteu kaduhung jagana maka eusian ku elmu jeung ku takwa.

 

Komo santri anu dikirim ku kolatna ka Pasantren tong mikiran nanaon, lamun kolotna geus nitip budakna di Pasanteren berarti eta kolot mika hayang eta budak teh jadi boga elmu, jadi eta santri geus tong mikiran nanaon diajar, diajar jeung diajar. Justru lamun hanteu diajar bener eta budak geus hiyanat ka kolot, ulah ku urang sadaya hiyanatan komo deui amanat kolot urang, lamun Indung Bapa geus nitipkeun urang ka Kiyai di guru di Majlis Ta’lim, di Pesantren di Madrasah berarti Indung Bapa mika hayang urang sadaya diajar diajar, komo deui lamun kolot gawe cape mekeulan, berkorban bayar sakabeh kaperluan anakna, ulah hiyanat ka Indung Bapa.

 

Jadi perhatikeun anjeun kabeh bakal kaduhung eungke lamun aranjeung geus boga loba kasibukan, anranjeun bakal hese neangan waktu pikeun diajar.

 

Saur Abuya : “ simkuring ngalaman sorangan baheula keur masih sakola khususna kuliah eta pagi, siang, sore jeung peuting gawena maca maca kitab, kaula asup ka perpustakaan, kaula cokot buku anu loba, kaula bawa kakamar, kaula baca, aranjeun bisa tanya babaturan kuliah kaula, baheula kaula hanteu aya waktu keur ulin jeung babaturan, paling saminggu sakali ngan wungkul dina poe libur salianti eta tong coba-coba ngajak kaula pikeun ngobrol, pikeun ulin pikeun perkara perkara anu hanteu guna. Pagi siang, sore, malam kaula jadi kutu buku kaula diajar can wani sare lamun can maca elmu 3, 4,5 jam tuluy tidur jeung kitab eta baheula, kaula can ngajar can boga murid kaula masih dijar. Sahingga loba pelajaran anu babaturan kaula 6 teupika 8 tahun can beres, kaula 4 taun kaula geus beres, naon sababna ? karena kaula fokuskeun Allah mere berkah, Allah mukakeun ‘manjada wajada’  saha jalma anu ngusahakeun Allah bakal mukakeun jalanna. Ulah khawatir saha jalma anu ngusahakeun pasti bakal meunang.

 

Tapi nalilka kaula geus mimiti ngajar dawah kaditu kadieu, komo deui loba tantangan di te gah tengah Medan Da’wah geus teu bisa, kaula bisa baca kitab sajam geus hebat, loba tamu geus eweuh waktu. Jadi kadang-kadang ingeut kitu Ya Allah naha baheula mere waktu keur diajar ngan 10 atawa 15 jam naha hanteu 24 jam ku kaula bikeun sapoe kaduhung sorangan.

Lamun urang baheula geus mere waktu anu ceuk urang cukup keur diajar, ayeuana urang kaduhungna satengah paeh, komo deui anu keur pamudana hanteu mere waktu sama sakali anjeun bakal kaduhung.

 

الوقت كالسيف ان لم تقطعه قطعك

 

Ari waktu eta saperti pedang, lamun anjeun hanteu potong eta waktu, anjeun bakal dipotong ku waktu.

 

Maksud potong eta waktu mangfa’atkeun saleutik naon wae oge mangfa’atkeun pikeun ngamalkeun Al Quran ngapalkeun Al Hadits pikeun diajar fiqih diajar Aqidah diajar naon wae age ka Ulama-ulama urang sadayana mangfa’atkeun waktu urang samemeh aranjeun boga kasibukan.

 

Saura Abuya : “Kitab kitab anu ku aranjeun ka tinggali ( di MS Mega Mendung ) ieu baheula kaula dihaja, baheula keur kuliah boga duit beasiswa tiap bulan kaula meunang beulikeun kitab, unggal bulan meunang beulikeun kitab, kaula kumpulkeun kitab saeutik-saeutik, tah ieu hasilna anu araya ayeuna kabeh jeung buku-buku, kitab-kitab ieu kabeh, ieu kaula wakafkeun pikeun Pasanteren lain pikeun pribadi kaula, ieu hanteu menang dijual beulikeun ieu pikeun para santri boh santri di MS atawa santri tiluar, hartina santri tiluar,  mahasiswa anu rek nyieun tesis anu perlu referensi, rujukan meunang maranehna sare didieu meunang maranehna buka oge maca tapi hanteu meunang dibawa balik, karena ieu kabeh keur Umat lain keur pribadi, jeung ieu buku-buku anu aya didieu cukup pikeun sakadar nyieun tesis atawa desertasi pikeun doctor komo deui pikeun Master, cukup ieu referensi luar biasa ieu aya 100.000 judul leuwih anu didieu, ti mimiti anu ipis salembar tepika anu berjilid-jilid jeung masih aya keneh saperti ieu di petamburan, engke kaula bawa kabeh ka Gunung eta kitab, keur naon ? keur kaperluan para Kiyai, para Santri, anu nareangan elmu maha siswa, 24 jam terbuka pikeun maranehan mangfa’atkeun.”

 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

ELMU KACIDA PENTINGNA

Dahsyatnya kalimat لا اله الا الله

Menggapai Ridlo Ilahi